Syarah Doa Ramadhan | Mama Gentur

Doa Ramadhan Sunda

Buku doa Ramadhan termasuk doa kamilin doa setelah shalat Tarawih, Tasbih setelah Shalat witir, Lafadz Niat Puasa Bulan Ramadhan, Niat Puasa sabulan Ramadhan penuh, Doa Buka Puasa, Lafadz Niat Shalat Tarawih, Lafadz Niat Sholat Witir dua Rokaat, Lafadz Niat Sholat Witir satu Roka'at, panduan Zakat Fitrah

Karya Al-Alim Al-Allamah Mama Gentur Al-Haj Muhammad Qurthubi ibnu Al-Haj Said rahimahumallah

Ari iyeu kitab ngarana "Syarah Dua Romadon" kacida loba faedahna, sakira-kira henteu bisa ngitung didiyeu mah, ngan di cariosken sawareh. Dicariosken kanjeng Nabi Muhammad Shollallahu Alaihi wa Sallam hiji dinten nuju linggih dina paimbaran linggihna mungkur ka qiblat. Tidinya sumping malaikat Jibril ngadeuheus kanjeng Nabi, saur Malaikat Jibril: Hai Nabi Muhammad kaula anu matak ngadeheus, katitipan salam ku Allah Ta'ala kasampean jeng kaula anu matak ngadeuheus mere pituduh kasampean ku iyeu dua jeung Allah Ta'ala memeh ngadamel dunya lima ratus tahun deui, kaula geus nulisken kana iyeu doa dina tihang Arasy. Kusabab kitu, saha jalma maca doa iyeu dina malam jum'at bulan ramadhan dina awalna Ramadhan atawa dina tengah-tengah na, atawa dina akhirna tangtu eta jalma ku kami anu agung dawuhan Allah Ta'ala di subadanan sakabeh pangabutuhna jeng tangtu eta jalma menang lailatul Qodar kalawan berkah na doa iyeu. Jeng Allah Ta'ala ngadamel di langit tujuh puluh rebu malaikat, hiji-hijina malaikat sirahna duapuluh, cangkemna duapuluh, ari hiji-hijina cangkem letahna dua puluh, eta kabeh letahna maraca tasbih jeung maraca tahlil ganjaranana ker jalma anu maca dua iyeu atawa nulisken atawa mamawa bae

Jeung Allah Ta'ala ngadawuh: saha jalma maca doa iyeu dina malam Jum'at bulan Ramadhan tibeurang atawa tipeuting atawa ngadengekeun bae atawa mamawa bae, tangtu eta jalma ku kami anu agung di subadanan pangabutuhna dunya akhirat. deui dawuhan Allah Ta'ala: Hai nabi Muhammad! sakabeh makhluk hudangna ti pakuburan pada sitaranjang, tapi saha-saha jalma maca doa iyeu seja ngagungkeun bulan Ramadhan tangtu di pakekeun ku malaikat bari mawa pakean ti surga keur anu maca doa iyeu teras di pakekeun ku malaikat, jeung eta malaikat bari marawa wadah mutiara, dina eta wadah papak sagala kadaharan, inum-inuman, jeung eta wadah make di cap ku lafadz "Laa Illaha Illallaah Muhammadur Rasulullah". Malaikat teh geugeroan ku sora anu tarik, pokna: iyeu kabeh kadaharan, inum-inuman ti Allah Ta'ala di piwarang di bikeun ka jalma anu maca doa iyeu dina unggal poe unggal peuting bulan Ramadhan, jeung dawuhan kanjeng nabi Muhammad Shollallahu Alaihi wa Sallam: saha-saha ummat kami maca doa iyeu dina bulan ramadhan menang sapuluh balikan, ayat ummat wajib asup ka surga, deui dawuhan kanjang Nabi Muhammad Shollallahu Alaihi wa Sallam: bawaning ku ngedul ulah henteu kudu maca saumur sakali mah. jeung dawuhan kanjang Nabi Shaollallahu Alaihi wa Sallam: saha-saha jalma maca doa iyeu tangtu asup kasurga moal menang pariksaan heula moal menang hisaban heula tina berkahna doa iyeu, lamun jalma henteu percaya kana iyeu doa tangtu menuang cilaka dunya akhirat


DOWNLOAD

0 Komentar

Silahkan untuk memberikan komentar, dan berilah kami kritik, saran dan kesan.